Urang kampung bau lisung, jauh ka bedug anggang ka dulag. Tuna harta tuna harti, taya pangabisa sepi pangarti. Hirup ukur ngagugulung kahayang nu can tangtu bakal kasorang, mapay lamunan ngumbar sawangan ka alam jauh pangimpian. Ngalengkah nuturkeun takdir sugan nasib mikaheman, bisa laksana nepi ka tujuan sok sanajan teu nyaho jalan. Lahir di tatar Sunda nu micinta budaya Sunda, Sunda kuring, Sunda anjeun, Sunda urang sarerea. Najan bodo, bodo alewoh da pinte rmah datangna pandeuri, nu pinter ge bodo heula lain? (Mang Tulak).
Tidak ada komentar:
Posting Komentar