Wilujeung Sumping!
Manusa
minangka makhluk sosial dina
hirup kumbuh di masarakat teu bisa leupas tina lingkunganna, urang jeung papada
urang dina pergaulan sapopoe kudu bisa silih hargaan. Silih bantu silih elingan
dina jalan kahadean. Letah atawa lisan ngarupakeun banda manusa nu kudu djaga,
salemetna jalma tina lisana. Lisan nu hade bakal nyebarkeun jeung ngadatangkeun
kahadean, sabalikna lisan nu goreng bakal nyebarkeun jeung ngadatangkeun
kagorengan. Ngajaga lisan bakal ngajauhkeun papaseaan pikeun tetep gajaga tali
silaturahmi. Beda paham, beda partey ulah sampe ngajadikeun pacengkadan nu
ngarenggangkeun duduluran.
Manusa
oge ngarupakeun makhluk
berbudaya. Asa ngerik mun
ngabandungan budak ngora jaman ayeuna, ningcak kana paribasa jati kasilih
ku junti. Poho kana budaya sorangan leuwih ngagungkeun budaya deungeun. Budaya
nasional nu diwangun ku budaya daerah ngarupakeun identitas diri nu kudu jadi kareueus
jeung kameumeut kiwari geus ka- atawa di-popohokeun. Budak ngora
jaman ayeuna leuwih ngagulkeun budaya barat nu
can tangtu saluyu jeung kapribadian bangsa urang. Padahal mun diperhatikeun
loba budaya urang nu go
internasional sarta dihargaan
ku bangsa sejen, contona batik nu kiwari ku UNESCO geus ditetepkeun
minangka warisan budaya dunia.
Terus
kumaha nasibna budaya sunda? Teuing atuh, mun nempo galagatna sigana wah
sababaraha taun kahareup sunda teh ngan tinggal ngaran. Aksara sunda aya nu
apal? basa atawa sastra sunda masih dimumule? Paling tinggal sabaraha urang,
eta geus karolot bari can tangtu aya nu daek neruskeun. Seni sunda ketuk tilu,
jaipongan, tembang sunda jeung sajabana budak ngora aya nu mikaresep? Asa lebar
lamun budaya Sunda nu sakitu luhur ajena kudu sirna kasilih ku budaya deungeun.
Ayeuna meumpeung can punah masih aya pikeun tumanya, hayu ah babarengan urang
lestarikeun, urang mumule budaya Sunda budaya warisan karuhun urang.
Kiwari,
ku kamajuan jaman, waktu jeung tempat teu ngajadikeun halangan pikeun
macangkrama silih anjangan. Blog basa Sunda ti urang Sunda keur urang Sunda
pikeun ngamumule budaya Sunda, mudah-mudahan ieu blog ngajadikeun sareat pikeun
nyambungkeun tatali wargi, manjangkeun
babarayaan, ngaraketkeun duduluran.
Wilujeng sumping di Saung Mang Tulak, mangga linggih nyanggakeun
saaya-aya! Nyanggakeun sabrang salayan lebet ka cabe mah henteu, nyanggakeun
tambi lumayan lebet ka sae mah henteu. Diantos pisan komentar, kritik jeung saran
kanggo kamajuan ieu blog. (Mang Tulak)
Hatur nuhun sateuacanna, mangga diantos komentar sareng kritik saran kanggo manjangkeun dudulura ngaraketkeun tali silaturahmi.
BalasHapusmantaplah....
BalasHapushe he hatur nuhun..!
HapusPami kaparengan bobongkar mendakan arsip nu abdi diantos e-mailna, hatur nuhun..
Hapus