Senin, 25 November 2013

KARAJAAN SUNDA (bagian 2)



Sapupusna Prabu Bunisora, kakawasaan balik deui ka putrana Linggabuana, Niskalawastukancana, nu lajeng ngawasa salila 104 taun (1371-1475). Ti istri nu kahiji, Nay Ratna Sarkati, anjeunna gaduh putra Sang Haliwungan (Prabu Susuktunggal), nu dipasihan kakawasaan bawahan di wewengkon kuloneun Citarum (wewengkon asal Sunda). Prabu Susuktunggal nu ngawasa ti Pakuan Pajajaran, ngaropéa puseur pamaréntahan ieu ku ngadegkeun karaton Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati. Pamaréntahanana kawilang lila (1382-1482), sabab geus dimimitian nalika ramana ngawasa kénéh di wewengkon wétan.
Ti Nay Ratna Mayangsari, istrina nu kadua, anjeunna gaduh putra Ningratkancana (Prabu Déwaniskala), nu neruskeun kakawasaan ramana di wewengkon Galuh (1475-1482).
Susuktunggal jeung Ningratkancana ngahijikeun ahli warisna ku nikahkeun Jayadéwata (putra Ningratkancana) ka Ambetkasih (putra Susuktunggal). Taun 1482, kakawasaan Sunda jeung Galuh dihijikeun deui ku Jayadéwata (gelarna Sri Baduga Maharaja). Sapupusna Jayadéwata, kakawasaan Sunda-Galuh turun ka putrana, Prabu Surawisésa (1521-1535), lajeng Prabu Déwatabuanawisésa (1535-1543), Prabu Sakti (1543-1551), Prabu Nilakéndra (1551-1567), sarta Prabu Ragamulya atawa Prabu Suryakancana (1567-1579). Prabu Suryakancana ieu mangrupakeun pamingpin karajaan Sunda-Galuh anu pamungkas, sabab sanggeus sababaraha kali ditarajang ku pasukan ti Kasultanan Banten, dina taun 1579 mah serangan ti Banten téh nepi ka ngaruntagkeun kakawasaanana.
Raja-raja Karajaan Sunda
Di handap ieu runtuyan raja-raja nu kungsi mingpin Karajaan Sunda numutkeun naskah Pangéran Wangsakerta (mangsa kawasa dina Maséhi):
1.    Tarusbawa (minantu Linggawarman, 669 - 723)
2.    Harisdarma, atawa Sanjaya (minantu Tarusbawa, 723 - 732)
3.    Tamperan Barmawijaya (732 - 739)
4.    Rakeyan Banga (739 - 766)
5.    Rakeyan Medang Prabu Hulukujang (766 - 783)
6.    Prabu Gilingwesi (minantu Rakeyan Medang Prabu Hulukujang, 783 - 795)
7.    Pucukbumi Darmeswara (minantu Prabu Gilingwesi, 795 - 819)
8.    Rakeyan Wuwus Prabu Gajah Kulon (819 - 891)
9.    Prabu Darmaraksa (adi beuteung Rakeyan Wuwus, 891 - 895)
10. Windusakti Prabu Déwageng (895 - 913)
11. Rakeyan Kamuning Gading Prabu Pucukwesi (913 - 916)
12. Rakeyan Jayagiri (minantu Rakeyan Kamuning Gading, 916 - 942)
13. Atmayadarma Hariwangsa (942 - 954)
14. Limbur Kancana (putra Rakeyan Kamuning Gading, 954 - 964)
15. Munding Ganawirya (964 - 973)
16. Rakeyan Wulung Gadung (973 - 989)
17. Brajawisésa (989 - 1012)
18. Déwa Sanghyang (1012 - 1019)
19. Sanghyang Ageng (1019 - 1030)
20. Sri Jayabupati (Detya Maharaja, 1030 - 1042)
21. Darmaraja (Sang Mokténg Winduraja, 1042 - 1065)
22. Langlangbumi (Sang Mokténg Kerta, 1065 - 1155)
23. Rakeyan Jayagiri Prabu Ménakluhur (1155 - 1157)
24. Darmakusuma (Sang Mokténg Winduraja, 1157 - 1175)
25. Darmasiksa Prabu Sanghyang Wisnu (1175 - 1297)
26. Ragasuci (Sang Mokténg Taman, 1297 - 1303)
27. Citraganda (Sang Mokténg Tanjung, 1303 - 1311)
28. Prabu Linggadéwata (1311-1333)
29. Prabu Ajiguna Linggawisésa (1333-1340)
30. Prabu Ragamulya Luhurprabawa (1340-1350)
31. Prabu Maharaja Linggabuanawisésa (nu perlaya dina Perang Bubat, 1350-1357)
32. Prabu Bunisora (1357-1371)
33. Prabu Niskalawastukancana (1371-1475)
34. Prabu Susuktunggal (1475-1482)
35. Jayadéwata (Sri Baduga Maharaja, 1482-1521)
36. Prabu Surawisésa (1521-1535)
37. Prabu Déwatabuanawisésa (1535-1543)
38. Prabu Sakti (1543-1551)
39. Prabu Nilakéndra (1551-1567)
40. Prabu Ragamulya atawa Prabu Suryakancana (1567-1579)

Hubungan jeung Éropah
Karajaan Sunda geus lila boga hubungan dagang jeung bangsa-bangsa lian kaasup bangsa Éropah. Karajaan Sunda ogé malah pernah ngalakukeun hubungan politik jeung bangsa Portugis. Dina taun 1522, karajaan Sunda nandatangan pajangjian Sunda-Portugis anu dina pajangjian éta téh Portugis dibeunangkeun ngawangun bénténg di palabuan Sunda Kalapa. Sabagé bayaranna, Portugis dikudukeun mantuan karajaan Sunda dina nyanghareupan serangan ti Demak sarta Cirebon nu karek misahkeun diri ti karajaan Sunda.
Rujukan
·         Aca. 1968. Carita Parahiyangan: naskah titilar karuhun urang Sunda abad ka-16 Maséhi. Yayasan Kabudayaan Nusalarang, Bandung.
·         Ayatrohaédi. 2005. Sundakala: cuplikan sejarah Sunda berdasarkan naskah-naskah "Panitia Wangsakerta" dari Cirebon. Pustaka Jaya, Jakarta.
·         Édi S. Ékajati. 2005. Polemik Naskah Pangeran Wangsakerta. Pustaka Jaya, Jakarta. ISBN 979-419-329-1
·         Yoséph Iskandar. 1997. Sejarah Jawa Barat: yuganing rajakawasa. Geger Sunten, Bandung.

(Dicutat tina Wikipedia basa Sunda)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar