Karajaan Sunda (669-1579 M), numutkeun naskah Wangsakerta mangrupa karajaan nu ngadeg ngaganti Tarumanagara nu kabagi dua jeung 'kembaranana', Galuh. Karajaan Sunda diadegkeun ku Tarusbawa taun 591 Caka Sunda (669 M). Masih numutkeun Naskah
Wangsakerta, Karajaan Sunda oge ngawengku wilayah anu kiwari jadi Provinsi Lampung sanggeus putri Karajaan Lampung nikah jeung putera mahkota Karajaan
Sunda. Lampung dipisahkeun ti bagéan karajaan Sunda nu di pulo Jawaku Selat Sunda.
Sajarah
Saméméh ngadeg salaku karajaan anu mandiri, Sunda téh mangrupa bawahan Tarumanagara. Raja
Tarumanagara nu panungtung, Sri Maharaja Linggawarman Atmahariwangsa
Panunggalan Tirthabumi (maréntah ukur tilu taun, 666-669 M), kawin ka Déwi
Ganggasari ti Indraprahasta. Ti Ganggasari, anjeunna gaduh dua putra, duanana
awéwé. Déwi Manasih, cikalna, kawin kaTarusbawa ti Sunda, sedengkeun nu kadua, Sobakancana,
kawin ka Dapuntahyang Sri Jayanasa, nu salajengna ngadegkeun karajaan Sriwijaya. Nalika
Linggawarman pupus, kakawasaanTarumanagara ragrag ka minantuna, Tarusbawa.
Hal ieu ngabalukarkeun pangawasa Galuh,
Wretikandayun (612-702) baruntak, ngaleupaskeun diri ti Tarumanagara, sarta ngadegkeun Galuh nu mandiri. Ti pihak Tarumanagara sorangan, Tarusbawa ogé teu hayang neruskeun karajaan Tarumanagara. Tarusbawa lajeng mindahkeun kakawasaanana ka
Sunda, sedengkeun Tarumanagaradirobah jadi bawahanana. Anjeunna
diwastu/dijenengkeun raja Sunda dina poé Radite Pon, 9 Suklapaksa,
bulan Yista, taun 519 Saka (kira
18 Méi 669 M). Sunda jeung Galuh ieu sapuk, yén wates karajaanana téh nyaéta walungan Citarum (Sunda di béh kulon, Galuh di béh wétan).
Karajaan kembar
Putra Tarusbawa nu cikal, Rarkyan Sundasambawa, pupus
anom kénéh, ninggalkeun hiji putra istri, Nay Sekarkancana. Putuna ieu lajeng
ditikah ku Rahyang Sanjaya ti Galuh, dugi ka gaduh putra hiji, Rahyang
Tamperan. Nalika Tarusbawa pupus (723), kakawasaan Sunda ragrag ka Sanjaya, nu
dina taun éta ogé hasil ngarebut kakawasaan Galuh ti Rahyang Purbasora (nu
ngarebut kakawasaan Galuh ti ramana, Bratasenawa/Rahyang Séna). Ku kituna, dina
leungeun Sanjaya, Sunda jeung
Galuh ngahiji deui. Pikeun neruskeun kakawasaan ramana nu nikah ka putri raja Keling (Kalingga),
taun 732 Sanjaya masrahkeun kakawasaan Sunda-Galuh ka putrana, Tamperan. Di
Keling, Sanjaya nyepeng kakawasaan salila 22 taun (732-754), nu lajeng diganti
ku putrana ti Déwi Sudiwara, Rarkyan Panangkaran.
Rahyang Tamperan ngawasa Sunda-Galuh salila tujuh taun (732-739), lajeng
ngabagi kakawasaan ka dua putrana: Sang Manarah (dina carita rahayat disebut Ciung Wanara) di Galuh sarta Sang Banga
(Hariang Banga) di Sunda. Sang Banga (Prabhu Kertabhuwana Yasawiguna Hajimulya)
jadi raja salila 27 taun (739-766), tapi ngawasa Sundana mah ti taun 759.
Ti Déwi Kancanasari, turunan Demunawan ti Saunggalah,
Sang Banga gaduh putra, ngaranna Rarkyan Medang, nu salajengna neruskeun
kakawasaanana di Sunda salila 17 taun (766-783) maké gelar Prabhu Hulukujang.
Kusabab putrana istri, Rakryan Medang ngawariskeun kakawasaanana ka minantuna,
Rakryan Hujungkulon atawa Prabhu Gilingwesi (ti Galuh, putra Sang Mansiri), nu
ngawasa Sunda salila 12 taun (783-795). Kusabab Rakryan Hujungkulon ieu ogé
putraan istri, mangka kakawasaan Sunda lajeng ragrag ka minantuna, Rakryan
Diwus (gelar Prabu Pucukbhumi Dharmeswara) nu ngawasa salila 24 taun (795-819).
Ti Rakryan Diwus, kakawasaan Sunda ragrag ka putrana, Rakryan Wuwus, nu nikah
ka putrana Sang Welengan (raja Galuh, 806-813). Kakawasaan Galuh ogé ragrag ka
anjeunna nalika dahuanana, Sang Prabhu Linggabhumi (813-842), pupus. Kakawasaan
Sunda-Galuh dicepeng ku Rakryan Wuwus (kalawan gelar Prabhu Gajahkulon) dugi ka
pupusna taun 891.
Sapupusna Rakryan Wuwus, kakawasaan Sunda-Galuh ragrag ka adi beuteungna ti
Galuh, Arya Kadatwan. Ngan, kusabab teu dipikaresep ku para pangagung ti Sunda,
anjeunna ditelasan (895), sedengkeun kakawasaanana diturunkeun ka putrana,
Rakryan Windusakti. Kakawasaan ieu lajeng diturunkeun ka putra cikalna, Rakryan
Kamuninggading (913). Rakryan Kamuninggading ngawasa Sunda-Galuh ukur tilu
taun, sabab lajeng direbut ku adina, Rakryan Jayagiri (916). Rakryan Jayagiri
ngawasa salila 28 taun, lajeng diwariskeun ka minantuna, Rakryan Watuagung,
taun 942. Neruskeun dendam kolotna, Rakryan Watuagung direbut kakawasaanana ku
alona (putra Kamuninggading), Sang Limburkancana (954-964). Ti Limburkancana,
kakawasaan Sunda-Galuh diwariskeun ka putra cikalna, Rakryan Sundasambawa
(964-973). Ku sabab teu gaduh putra, ti Sundasambawa kakawasaan téh ragrag ka
adi beuteungna, Rakryan Jayagiri (973-989).
Rakryan Jayagiri ngawariskeun kakawasaanana ka putrana, Rakryan Gendang
(989-1012), diteraskeun ku putuna, Prabhu Déwasanghyang (1012-1019). Ti
Déwasanghyang, kakawasaan diwariskeun ka putrana, lajeng ka putuna nu ngadamel prasasti Cibadak,
Sri Jayabhupati (1030-1042). Sri Jayabhupati téh minantuna Dharmawangsa Teguh
ti Jawa, mitoha raja Érlangga (1019-1042).
Ti Sri Jayabhupati, kakawasaan diwariskeun ka putrana, Dharmaraja
(1042-1064), lajeng ku incu minantuna, Prabhu Langlangbhumi ((1064-1154). Prabu
Langlangbhumi diteraskeun ku putrana, Rakryan Jayagiri (1154-1156), lajeng ku
putuna, Prabhu Dharmakusuma (1156-1175). Ti Prabu Dharmakusuma, kakawasaan
Sunda-Galuh diwariskeun ka purtana, Prabhu Guru Dharmasiksa, nu maréntah salila
122 taun (1175-1297). Dharmasiksa mingpin Sunda-Galuh ti Saunggalah salila 12
taun, tapi lajeng mindahkeun puseur pamaréntahanana ka Pakuan Pajajaran, balik deui ka tempat
munggaran karuhunna (Tarusbawa) mingpin karajaan Sunda.
Sapupusna Dharmasiksa, kakawasaan Sunda-Galuh turun ka putrana nu cikal,
Rakryan Saunggalah (Prabhu Ragasuci), nu ngawasa salila genep taun (1297-1303).
Prabhu Ragasuci lajeng digentos ku putrana, Prabhu Citraganda, nu ngawasa
salila dalapan taun (1303-1311), lajeng ku turunanana deui, Prabu Linggadéwata
(1311-1333). Kusabab putrana istri, Linggadéwata nurunkeun kakawasaanana ka
minantuna, Prabu Ajiguna Linggawisésa (1333-1340), lajeng ka Prabu Ragamulya
Luhurprabawa (1340-1350). Ti Prabu Ragamulya, kakawasaan diwariskeun ka
putrana, Prabu Maharaja Linggabuanawisésa (1350-1357), nu dina panungtung
kakawasaanana perlaya di Bubat (baca Perang Bubat). Kusabab
nalika kajadian di Bubat, putrana -- Niskalawastukancana -- alit kénéh,
kakawasaan Sunda saheulaanan dicepeng k Patih Mangkubumi Sang Prabu Bunisora
(1357-1371).
Nyambung ka bagian 2....
(Dicutat tina Wikipedia Basa Sunda)
Nyambung ka bagian 2....
(Dicutat tina Wikipedia Basa Sunda)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar