Sapupusna Prabu Bunisora, kakawasaan balik deui ka putrana Linggabuana,
Niskalawastukancana, nu lajeng ngawasa salila 104 taun (1371-1475). Ti istri nu
kahiji, Nay Ratna Sarkati, anjeunna gaduh putra Sang Haliwungan (Prabu
Susuktunggal), nu dipasihan kakawasaan bawahan di wewengkon kuloneun Citarum
(wewengkon asal Sunda). Prabu Susuktunggal nu ngawasa ti Pakuan Pajajaran,
ngaropéa puseur pamaréntahan ieu ku ngadegkeun karaton Sri Bima Punta Narayana
Madura Suradipati. Pamaréntahanana kawilang lila (1382-1482), sabab geus
dimimitian nalika ramana ngawasa kénéh di wewengkon wétan.
Ti Nay Ratna Mayangsari, istrina nu kadua, anjeunna gaduh putra
Ningratkancana (Prabu Déwaniskala), nu neruskeun kakawasaan ramana di wewengkon
Galuh (1475-1482).
Susuktunggal jeung Ningratkancana ngahijikeun ahli warisna ku nikahkeun
Jayadéwata (putra Ningratkancana) ka Ambetkasih (putra Susuktunggal). Taun
1482, kakawasaan Sunda jeung Galuh dihijikeun deui ku Jayadéwata (gelarna Sri
Baduga Maharaja). Sapupusna Jayadéwata, kakawasaan Sunda-Galuh turun ka
putrana, Prabu Surawisésa (1521-1535), lajeng Prabu Déwatabuanawisésa
(1535-1543), Prabu Sakti (1543-1551), Prabu Nilakéndra (1551-1567), sarta Prabu
Ragamulya atawa Prabu Suryakancana (1567-1579). Prabu Suryakancana ieu
mangrupakeun pamingpin karajaan Sunda-Galuh anu pamungkas, sabab sanggeus
sababaraha kali ditarajang ku pasukan ti Kasultanan Banten, dina taun 1579 mah serangan
ti Banten téh nepi ka ngaruntagkeun kakawasaanana.
Raja-raja Karajaan Sunda
Di handap ieu runtuyan raja-raja nu kungsi mingpin Karajaan Sunda numutkeun naskah Pangéran Wangsakerta (mangsa kawasa dina Maséhi):
Di handap ieu runtuyan raja-raja nu kungsi mingpin Karajaan Sunda numutkeun naskah Pangéran Wangsakerta (mangsa kawasa dina Maséhi):
28.
Prabu
Linggadéwata (1311-1333)
29.
Prabu
Ajiguna Linggawisésa (1333-1340)
30.
Prabu
Ragamulya Luhurprabawa (1340-1350)
32.
Prabu
Bunisora (1357-1371)
33.
Prabu
Niskalawastukancana (1371-1475)
34.
Prabu
Susuktunggal (1475-1482)
35.
Jayadéwata
(Sri Baduga Maharaja, 1482-1521)
36.
Prabu
Surawisésa (1521-1535)
37.
Prabu
Déwatabuanawisésa (1535-1543)
38.
Prabu Sakti
(1543-1551)
39.
Prabu
Nilakéndra (1551-1567)
40.
Prabu
Ragamulya atawa Prabu Suryakancana (1567-1579)
Hubungan jeung Éropah
Karajaan Sunda geus lila boga hubungan dagang jeung bangsa-bangsa lian kaasup bangsa Éropah. Karajaan Sunda ogé malah pernah ngalakukeun hubungan politik jeung bangsa Portugis. Dina taun 1522, karajaan Sunda nandatangan pajangjian Sunda-Portugis anu dina pajangjian éta téh Portugis dibeunangkeun ngawangun bénténg di palabuan Sunda Kalapa. Sabagé bayaranna, Portugis dikudukeun mantuan karajaan Sunda dina nyanghareupan serangan ti Demak sarta Cirebon nu karek misahkeun diri ti karajaan Sunda.

Rujukan
·
Aca. 1968. Carita Parahiyangan: naskah titilar
karuhun urang Sunda abad ka-16 Maséhi. Yayasan Kabudayaan Nusalarang, Bandung.
·
Ayatrohaédi. 2005. Sundakala: cuplikan sejarah Sunda berdasarkan
naskah-naskah "Panitia Wangsakerta" dari Cirebon. Pustaka Jaya, Jakarta.
·
Édi S. Ékajati. 2005. Polemik Naskah Pangeran Wangsakerta. Pustaka Jaya, Jakarta. ISBN 979-419-329-1
(Dicutat tina Wikipedia basa Sunda)