Selasa, 05 Maret 2013

NASIB TKI


Beurat pisan hate teh kudu ninggalkeun deui ieu lembur, padahal lima bulan dibere cuti ku dunungan teh, waktu nu kaitung lila  jeung jarang nu bisa  keur TKI samodel kuring mah. Tapi karasana nyerelek pisan waktu teh, asa kamari ieu kuring ningcak Bandara Soekarno-Hatta teh, turun tina kapal bari hate pinuh ku kabungah, saha nu teu gumbira atuh mangtaun-taun ngumbara di nagri deungeun terus bisa balik ka lemah cai sarta kumpul ngariung jeung kulawarga.
Poe ieu najan di tempat nu sarua tapi beda pisan rasana jeung lima bulan katukang, lalewang - ngalongkewang jararauh panineungan. Sok sedih ari ras ku nasib diri, nyiar kipayah teh bet kudu dijaukeun ti kulawarga, ti babaturan jeung lembur padumukan. Ngadon buburuh butuh di nagri deungeun nu teu sanak teu kadang, bari jeung gajih teu sapira, teu cumpon jang mayar jauh jeung lilana.
Asa teungteuingeun ku pamarentah nu teu bisa ngamakmurkeun rahayatna nepi ka kudu ngantri jadi TKI ngabakti ka bangsa batur. Cenah nagri urang subur makmur gemah ripah lohjinawi? Nu matak nyeri na mah mun ningali petugas bandara nu taya pisan sopan santun, sentak sengor mun pas nu dihareupanna TKI, naha teu mikir kituh manehna teh sabaraha triliyun devisa nu asup ka nagara ngaliwatan TKI, nu dipake ngabangun jeung ngagajih maranehna. Baruk cenah TKI teh pahlawan devisa? Heueuh meureu pedah rata-rata TKI informal mah (supir jeung pembantu) jalma nu teu sakola luhur bari jeung cicing di kampung. Tapi keun bae lah nu kitu mah teu kudu dipikiran ukur matak lieur jeung pinapsueun, najan hina ceuk maranehna nu penting mah anak pamajikan kaparaban, halal jeung  gede barokahna, lain kitu Mang Darman?
Satacanna aya jaminan nu pasti ti pamarentah, mun bisa mah ulah hayang jadi TKI informal teh, asa taya hargaan pisan. Tong boro geus di luar negri keur di negri sorangan keneh ge ukur jadi pameresan. Ngurus itu ieu dihesekeun nu tungtungna mah menta duit. Sagala aturan dijieun, nepi ka unggal taun kaluar aturan anyar cenah mah keur perlindungan TKI, lah...beungeut sia ! Formalitas wungkul dina prakna mah diparake keur ngeret duit TKI. Giliran aya masalah mah naha daek narulungan? Kakara sibuk palingseng lamun geus diwartakeun dina media. ... Jadol teh!
Kudu sabar meureun ari jadi jalma leutik mah, heueuh da dikitu kieu ge ukur bisa nurut teu bisa ngalawan. Matak peupeujeuh ka anak incu sing bener sing jucung sarakola teh ameh jadi jalma pinter. Kolot sagsara jadi TKI teh keur ngabelaan hidep ameh bisa sakola luhur kalawan engkena jadi jalma. Tong dimomorekeun pangorbanan kolot teh. Sok ujang, eneng, enok geura buktikeun ku hidep yeun perjuangan kolot teh teu gaplah. (Mang Tulak)




Tidak ada komentar:

Posting Komentar