Jumat, 29 Maret 2013

NGUMBARA


ngumbara...
neuleuman jerona sagara
ngambah luhurna jumantara
ngaprak legana mayapada
ngumbara...
karempan karingrang
katineung kasieun
kamelang kahariwang
ngumbara...
nalangsa tunggara
sangsara kasiksa
kaniaya...
ngumbara...
impian nu jadi harepan
harepan nu jadi tujuan
tujuan nu jadi udagan
ngumbara...
keclakna kesang jeung cimata
nu jadi tumbal
sugan kahontal cita-cita
 laksana sapaneja
amiin... (bari nyusut dahdir)

(Mang  Tulak}

Rabu, 06 Maret 2013

BATU BATRE


Mang Tulak keur ngahuleng sorangan di saung sawah, lieur jeung cape mikiran pare nu keur meujeuhna beukah beak di ranjah ku manuk piit. Geus sagala macem cara dilakukeun tetep taya hasilna. Ti mimiti nyieun kokoprak make kaleng butut nepi ka nyieun bebegig di unggal juru tapi lain ka sieun manuk teh kalah ka euntrep dina bebegig. Geus puguh di gebah mah gagauk nepi ka peura beakeun sora, kalah ka asa dititah manuk teh beuki maceuh. Nyobaan  ku mariem lodong karbit , sakali dua kali mah bener sieuneun tapi lila-lila mah hare-hare bae kalah ka ceuli sorangan nu katorekan. Ti isuk rebun nepi ka sareupna kudu cindeluk nungguan sawah, komo mun der hujan manuk teh beuki mahabu, estuning matak aral. Miara domba jeung meri teu kaparaban teu kaboro ngarit jukut teu kaboro ngala tutut,  antukna mah dilelangkeun dijual murah.
Keur uleng ngalamun torojol si Kabayan datang bari nyorendang carangka kosong rek ngarit jang munding sigana mah. Blus manehna  asup ka saung bari nyengir, gek diuk.
 “ ku naon mang ngahuleng wae, hayang kawin deui?”.
Mang Tulak kalah mundelik, boro-boro hayang seuri keur pararusing kitu mah.
 “ Gandeng lah Kabayan kuring keur parusing, pare tuh beak ku manuk”.
Si Kabayan nyerengeh,
 “ ooh manuk piit, gampang atuh ngabasmina nu kitu mah”.
“ Ku naon kitu Kabayan?”, mang Tulak curinghak.
“ Ku batu batre...”
“ Di kumahakeu?” mang Tulak beuki panasaran.
Jung si Kabayan nangtung, ceg kana carangka tuluy disorendangkeun,
“ Prekprekan hiji-hiji manukna...”, pokna teh bari ngaleos.
“Gubrag!”
Lenggerek mang Tulak Kapiuhan.
(Mang Tulak)

Selasa, 05 Maret 2013

NASIB TKI


Beurat pisan hate teh kudu ninggalkeun deui ieu lembur, padahal lima bulan dibere cuti ku dunungan teh, waktu nu kaitung lila  jeung jarang nu bisa  keur TKI samodel kuring mah. Tapi karasana nyerelek pisan waktu teh, asa kamari ieu kuring ningcak Bandara Soekarno-Hatta teh, turun tina kapal bari hate pinuh ku kabungah, saha nu teu gumbira atuh mangtaun-taun ngumbara di nagri deungeun terus bisa balik ka lemah cai sarta kumpul ngariung jeung kulawarga.
Poe ieu najan di tempat nu sarua tapi beda pisan rasana jeung lima bulan katukang, lalewang - ngalongkewang jararauh panineungan. Sok sedih ari ras ku nasib diri, nyiar kipayah teh bet kudu dijaukeun ti kulawarga, ti babaturan jeung lembur padumukan. Ngadon buburuh butuh di nagri deungeun nu teu sanak teu kadang, bari jeung gajih teu sapira, teu cumpon jang mayar jauh jeung lilana.
Asa teungteuingeun ku pamarentah nu teu bisa ngamakmurkeun rahayatna nepi ka kudu ngantri jadi TKI ngabakti ka bangsa batur. Cenah nagri urang subur makmur gemah ripah lohjinawi? Nu matak nyeri na mah mun ningali petugas bandara nu taya pisan sopan santun, sentak sengor mun pas nu dihareupanna TKI, naha teu mikir kituh manehna teh sabaraha triliyun devisa nu asup ka nagara ngaliwatan TKI, nu dipake ngabangun jeung ngagajih maranehna. Baruk cenah TKI teh pahlawan devisa? Heueuh meureu pedah rata-rata TKI informal mah (supir jeung pembantu) jalma nu teu sakola luhur bari jeung cicing di kampung. Tapi keun bae lah nu kitu mah teu kudu dipikiran ukur matak lieur jeung pinapsueun, najan hina ceuk maranehna nu penting mah anak pamajikan kaparaban, halal jeung  gede barokahna, lain kitu Mang Darman?
Satacanna aya jaminan nu pasti ti pamarentah, mun bisa mah ulah hayang jadi TKI informal teh, asa taya hargaan pisan. Tong boro geus di luar negri keur di negri sorangan keneh ge ukur jadi pameresan. Ngurus itu ieu dihesekeun nu tungtungna mah menta duit. Sagala aturan dijieun, nepi ka unggal taun kaluar aturan anyar cenah mah keur perlindungan TKI, lah...beungeut sia ! Formalitas wungkul dina prakna mah diparake keur ngeret duit TKI. Giliran aya masalah mah naha daek narulungan? Kakara sibuk palingseng lamun geus diwartakeun dina media. ... Jadol teh!
Kudu sabar meureun ari jadi jalma leutik mah, heueuh da dikitu kieu ge ukur bisa nurut teu bisa ngalawan. Matak peupeujeuh ka anak incu sing bener sing jucung sarakola teh ameh jadi jalma pinter. Kolot sagsara jadi TKI teh keur ngabelaan hidep ameh bisa sakola luhur kalawan engkena jadi jalma. Tong dimomorekeun pangorbanan kolot teh. Sok ujang, eneng, enok geura buktikeun ku hidep yeun perjuangan kolot teh teu gaplah. (Mang Tulak)