Nyeleko
dilingkung ku pagunungan, Tundagan iuh limbuh ku tatangkalan. Desa endah
panineungan, lembur matuh banjar karang pamidangan nu subur makmur lohjinawi. Kahirupan adem ayem runtut
raut sauyunan jauh tina pecengkadan. Tibeurang betah rumingkang tipeuting teu
inggis nyaring aman tentrem kertaraharja sepi paling towong rampog. Marahmay
someah pangeusina, matak betah anu nyemah, tibelat mun kudu pisah.
Angin leutik ngahiliwir nebak kana pucuk awi
ngulang-ngulang jiga nu ngagupayan, sora manuk racet patembalan ti unggal
dahan. Geleber hiber kagareuwahkeun barakatakna hayam orokan nu kagebahkeun ku
ucing keur silih udag. Hawar-hawar ti kajauhan kareungeuh haleuangna Cicih
Cangkurileung, moal salah deui tina radio di Abah Ayut. Radio transistor 2 band
nu geus dibeungkeut ku karet hideung paranti kekerod kolor. Setrumna tina batu
batre 4 siki lamun beurang mah sok ngahaja dipoe heula ambeh awet cenah. Tapi
ulah salah, najan geus butut eta radio teh kacida gede pisan jasana. Jaman
harita radio ngarupakeun hiji-hijina media
hiburan jeung informasi anu bisa
kapimilik ku masarakat. Unggal sore
imahna Abah Ayut teu weleh rame kolot budak awewe lalaki ngariung ngadengekeun
dongeng sunda atawa acara-acara sejena.
Ret ka belah kidul jungkiring luhurna gunung Culamega
anu mayungan, gunung kareueus ikon-na
urang Tundagan. Saenyana mah lain gunung da teu aya kawahan, ukur pasir ngan
kusabab luhurna disebut gunung soteh. Landeuhna
mayakpak kebon pines boga perhutani, dina seselana dipelakan kopi nu hasilna
pikeun masarakat nu miarana. Kituna mah Perhutani teh itung-itung nitipkeun
kebon pines ambeh kaurus. Beak kebon pines disambung ku pakebonan kayaning cengkeh,
albise (albasiah) kawung jeung sajabana boga
masarakat. Nenjo ka belah kulon runggunukna gunung Puteran nu pinuh ku kiara
geledegan, katingali geueumana najan tikajauhan. Marabat ngalerkeun nyambungna
ka Panenjoan terus gunung Pidayeuheun, gunung Tilu nepi ka gunung Mayana. Ti
kidul ngetankeun mayakpak lamping kebon jeung pahumaan, Guling Maung, Gulang-
Gulang nepi ka Patapaan, punclutnna nu datar sok dipake paranti kokoleceran
mangsa keur gede angin. Estuning asa
hirup dina kekenceng teh lain bobodoan.
Ti tungtung kulon ngebat ngetankeun walungan Cipedak
ngaleor meulah desa, caina nu herang tara saat najan katiga bangat. Sisina
dipager ku tangkal kalapa nu umurna geus puluhan taun paselang jeung rungkun
haur sarta tangkal kopo jeung cangkudu. Batu gede ting jungkiring di sisi leuwi
paranti nu ngadon nguseup, laukna rupa-rupa kayaning beunteur, bogo, lele jeung
sajabana malah kancra, tawes, mujaer, mangut (nilem) oge aya, sigana mah tina
balong kabawa palid basa keur ngabedahkeun. Unggal isuk jeung sore teu weleh
rame kunu ngadon nyeuseuhan, gegeroh atawa mandi.
Sisi lembur kulon, kaler jeung wetan pasawahan
ubyuk-abyak. Dua kali dina sataun sok dipelakan pare katilu kalina ku palawija
kayaning bonteng, boled, jagong, bawang, oncang (bawang daun), suuk (kacang
tanah), jeung sajabana. Hasilna keur minuhan leuit (goah) sesana karek dijual,
nu matak moal aya paribasa kalaparan atawa langlayeuseun kurang dahareun.
Nurutkeun basa Sunda mah kecap tundagan teh hartina
papancatan, mun dina basa Indonesia mah undakan atawa undak-undak meureun. Ku
naon ieu desa di ngaranan Tundagan, jeung saha nu mere ngaran? Allahu alam, Ieu
jigana nu kudu ditalungtik teh, sabab nepika kiwari teu aya nu apal kumaha jentrena
silsilah atawa sasakala desa Tundagan, duka ketang para sesepuh mah apaleun
meureun.
Mun nilik tina harti harfiah mah tundagan atawa
papancatan teh tatapakan jalan nuju ka tonggoh atawa tempat nu leuwih luhur,
kamana eta teh? Naha Culamega atawa Puteran?
Ceuk pamikir kuring ningali dina tempatna mah pantesna teh ka gunung
Puteran, sabab di eta tempat aya makam atawa patilasan jeung talaga di lebah
landeuhna, nu nandakeun yeun baheulana pernah aya kahirupan di eta tempat. Duka
makam atawa patilasan saha eta teh da can diparengkeun hayang ngobrol jeung
kuncenna oge. Satonggoheun Puteran cenah mah aya hulu cai anu ngarana Citundagan, jadi jelas pisan aya patalina antara Tundagan jeung Puteran teh.
Nepi ka kiwari Puteran masih keneh dijarugjug ku nu jarah atawa ukur ulin pelesiran. Loba pisan sajarah Tundagan nu can kabongkar sugan atuh hiji mangsa mah aya nu bisa ngaguar ngarah teu pareumeun obor teu nyaho sajarah lembur sorangan. (Mang Tulak)
Nepi ka kiwari Puteran masih keneh dijarugjug ku nu jarah atawa ukur ulin pelesiran. Loba pisan sajarah Tundagan nu can kabongkar sugan atuh hiji mangsa mah aya nu bisa ngaguar ngarah teu pareumeun obor teu nyaho sajarah lembur sorangan. (Mang Tulak)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar