Jumat, 24 Mei 2013

ANTARA TUNDAGAN JEUNG PUTERAN

  Nyeleko dilingkung ku pagunungan, Tundagan iuh limbuh ku tatangkalan. Desa endah panineungan, lembur matuh banjar karang pamidangan nu subur  makmur lohjinawi. Kahirupan adem ayem runtut raut sauyunan jauh tina pecengkadan. Tibeurang betah rumingkang tipeuting teu inggis nyaring aman tentrem kertaraharja sepi paling towong rampog. Marahmay someah pangeusina, matak betah anu nyemah, tibelat mun kudu pisah.
Angin leutik ngahiliwir nebak kana pucuk awi ngulang-ngulang jiga nu ngagupayan, sora manuk racet patembalan ti unggal dahan. Geleber hiber kagareuwahkeun barakatakna hayam orokan nu kagebahkeun ku ucing keur silih udag. Hawar-hawar ti kajauhan kareungeuh haleuangna Cicih Cangkurileung, moal salah deui tina radio di Abah Ayut. Radio transistor 2 band nu geus dibeungkeut ku karet hideung paranti kekerod kolor. Setrumna tina batu batre 4 siki lamun beurang mah sok ngahaja dipoe heula ambeh awet cenah. Tapi ulah salah, najan geus butut eta radio teh kacida gede pisan jasana. Jaman harita radio ngarupakeun hiji-hijina media hiburan jeung informasi anu bisa kapimilik ku  masarakat. Unggal sore imahna Abah Ayut teu weleh rame kolot budak awewe lalaki ngariung ngadengekeun dongeng sunda atawa acara-acara sejena.
Ret ka belah kidul jungkiring luhurna gunung Culamega anu mayungan, gunung kareueus ikon-na urang Tundagan. Saenyana mah lain gunung da teu aya kawahan, ukur pasir ngan kusabab luhurna disebut gunung soteh.  Landeuhna mayakpak kebon pines boga perhutani, dina seselana dipelakan kopi nu hasilna pikeun masarakat nu miarana. Kituna mah Perhutani teh itung-itung nitipkeun kebon pines ambeh kaurus. Beak kebon pines disambung ku pakebonan kayaning cengkeh, albise (albasiah) kawung jeung sajabana boga  masarakat. Nenjo ka belah kulon runggunukna gunung Puteran nu pinuh ku kiara geledegan, katingali geueumana najan tikajauhan. Marabat ngalerkeun nyambungna ka Panenjoan terus gunung Pidayeuheun, gunung Tilu nepi ka gunung Mayana. Ti kidul ngetankeun mayakpak lamping kebon jeung pahumaan, Guling Maung, Gulang- Gulang nepi ka Patapaan, punclutnna nu datar sok dipake paranti kokoleceran mangsa  keur gede angin. Estuning asa hirup dina kekenceng teh lain bobodoan.
Ti tungtung kulon ngebat ngetankeun walungan Cipedak ngaleor meulah desa, caina nu herang tara saat najan katiga bangat. Sisina dipager ku tangkal kalapa nu umurna geus puluhan taun paselang jeung rungkun haur sarta tangkal kopo jeung cangkudu. Batu gede ting jungkiring di sisi leuwi paranti nu ngadon nguseup, laukna rupa-rupa kayaning beunteur, bogo, lele jeung sajabana malah kancra, tawes, mujaer, mangut (nilem) oge aya, sigana mah tina balong kabawa palid basa keur ngabedahkeun. Unggal isuk jeung sore teu weleh rame kunu ngadon nyeuseuhan, gegeroh atawa mandi.
Sisi lembur kulon, kaler jeung wetan pasawahan ubyuk-abyak. Dua kali dina sataun sok dipelakan pare katilu kalina ku palawija kayaning bonteng, boled, jagong, bawang, oncang (bawang daun), suuk (kacang tanah), jeung sajabana. Hasilna keur minuhan leuit (goah) sesana karek dijual, nu matak moal aya paribasa kalaparan atawa langlayeuseun kurang dahareun.
Nurutkeun basa Sunda mah kecap tundagan teh hartina papancatan, mun dina basa Indonesia mah undakan atawa undak-undak meureun. Ku naon ieu desa di ngaranan Tundagan, jeung saha nu mere ngaran? Allahu alam, Ieu jigana nu kudu ditalungtik teh, sabab nepika kiwari teu aya nu apal kumaha jentrena silsilah atawa sasakala desa Tundagan, duka ketang para sesepuh mah apaleun meureun.
Mun nilik tina harti harfiah mah tundagan atawa papancatan teh tatapakan jalan nuju ka tonggoh atawa tempat nu leuwih luhur, kamana eta teh? Naha Culamega atawa Puteran?  Ceuk pamikir kuring ningali dina tempatna mah pantesna teh ka gunung Puteran, sabab di eta tempat aya makam atawa patilasan jeung talaga di lebah landeuhna, nu nandakeun yeun baheulana pernah aya kahirupan di eta tempat. Duka makam atawa patilasan saha eta teh da can diparengkeun hayang ngobrol jeung kuncenna oge. Satonggoheun Puteran cenah mah aya hulu cai anu ngarana Citundagan, jadi jelas pisan aya patalina antara Tundagan jeung Puteran teh. 
Nepi ka kiwari Puteran masih keneh dijarugjug ku nu jarah atawa ukur ulin pelesiran. Loba pisan sajarah Tundagan nu can kabongkar sugan atuh hiji mangsa mah aya nu bisa ngaguar ngarah teu pareumeun obor teu nyaho sajarah lembur sorangan. (Mang Tulak)