Kamis, 21 Februari 2013

JANG


jang,
wanci sariak layung
jangjang peuting geus meber
mapag poek anu simpe
hayu jang...
tong kajongjonan
urang kudu mulang
indung hidep geus ngadagoan

jang,
ulah melang jeung hariwang
tong retas pangharepan
isukan srangenge medal
masih aya kasempetan
mapag poe anu panjang

(Mang Tulak)

GUSTI


Gunung bitu
ombak motah
lemah rempag
dunya inggeung
caah rongkah
banjir bandang

manusa taya daya
ku kawasana nu maha kawasa
gusti...
na dampal anjeun abdi sumujud

(Mang Tulak)

Sabtu, 16 Februari 2013

KURING ANJEUN JEUNG MANEHNA


manehna,
nu kesang borobosan na nongtorengna panon poe
nu dekil jeung tatambalan na trotoar
namprak ka
nu ngaliwat

anjeun,
nu kaburusan na  rohangan ber-AC
nu luis jeung seungit na meja kerja
namprak ka
nu menta proyek

kuring,
na tengah poe nu diharudum simbut butut
na ranjang reyod
namprak ka
nu jadi kolot

kuring anjeun jeung manehna 
naon bedana?

(Mang Tulak)

Kamis, 14 Februari 2013

PILEULEUYAN

sawahna sumedeng beukah
umyang koneng ngulang katineung
ciwalungan ngalanggeor ngaca herang 
leuweung iuh hejo ngemploh
racetna manuk mapag srangenge

asa kamari...
tapi kiwari...
bakal paanggang
sugan jaga kasorang
patepung deui
ngahiji

pileuleuyan...

(Mang Tulak)